Ikhlas

"IKHLAS"
KH. Choer Affandy (Uwa Ajengan)
Miftahul Huda
Ari Jalma anu ikhlas nalika Ibadah Aya 4 :
¤ Ikhlas Mubtadi (Mubtadiin), nyaeta jalma anu amal karena Alloh tapi dina hatena aya Sir hayang Dunya, ku ibadahna hayang lengit kasusah jeung kabingung, daek soteh tahajud jeung duha supaya dagangna untung ulah rugi, daek soteh sodaqoh malar aya pamulangan ti batur, jeung sajabana.
ieu mubtadi bisa kanyahoan dina cara ibadahna, biasana anu ibadahna kajurung ku kabutuh tara angger, daek soteh ibadah salagi aya kabutuh, ari geus cumpon kabutuhna Sok Eureun Ibadahna.
¤ Ikhlas Abid (Abidin) tukang ibadah, nyaeta jalma anu amal karena Alloh bari hatena salamet tina Riya jeung teu aya sir hayang dunya, estu ibadahna karena Alloh pikeun ngudag kabagjaan akherat, ku ibadahna hayang menang ganjaran di syurga, ku ibadahna sieun naraka, bari boga patekadan yen ieu amal bisa nyalametkeun dirina tina siksa naraka.
Ari abid sok angger ibadahna, ngan pedah tara apal kana Sirot mana anu mudloyyaq (anu kudu di lakonan ayeuna), mana anu Muwassa (bisa di engkekeun).
Mana anu penting jeung mana anu lewih penting, pangrasana ieu ge ibadah keneh.
¤ Ikhlas Muhibbin (anu Cinta Ka Alloh), nyaeta jalma anu ibadahna estu karena Alloh, lain hayang surga lain sieun naraka.
Ieu di Lakonanteh darmaning bakti darmaning parentah, seja ngalaksanakeun tugas jeung parentah Alloh, oge seja ngagungkeun ka Alloh.
¤ Ikhlas Arifin (anu imanna Tembus kana Rasa), jalma anu ibadahna boga rasa yen dirina di usik malikkeun ku Alloh. Rasana lain dirina anu keur Ibadah, tapi lalajo dirina keur di usik malikkeun ku Alloh. Sabab biga kayakinan yen dirina teu boga daya jeung upaya pikeun ngalakonan tho'at, diri teu boga kakuatan pikeun nyingkahan ma'siat sagala rupa ge ku kersaning Alloh.
Mugia manfaat amin....

Komentar

Postingan Populer